Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2022

Guguritan

Harita (Kinanti) Taneuhna pinuh ku jukut Kembangna kembang malati Hawana tiris kacida Ditempatan seuweu siwi Ngajadi tempat nu endah Anu matak narik ati   Ayeuna gedung jarangkung Anu jadi kembang geus genti Ku sarakahna manusa Matak nyeri kana ati Tempat nu endah kacida Ruksak ku jaman kiwari   Peuting (Asmarandana)   Ngajaga petengna peuting nalika simpéna jalan katingali mani lowong tapi jol hémeng ka bulan ceurik katingalina ka diri jadi kabingung naon nu diceungceurikan?   Jadi teu ngareunah cicing sabab tuluy kapikiran jadi samar nu diténjo teu paruguh nu dirasa matak teu puguh léngkah rék kamana nu dituju? naha kumaha ayeuna?   Naha nyengceurikan kami? atawa keur anu lian? Ieu diri tuluy nalék Nepi panggih jawabanna Anu diceungceurikan Rasa anu teu kaburu Da peutingna geus kaliwat   Ayeuna wanci janari karasa hawa geus béda jalan balik deui simpé jadi jiga saacanna tapi rasa teu robah haté asa teu paruguh ...