Guguritan

Harita

(Kinanti)


Taneuhna pinuh ku jukut

Kembangna kembang malati

Hawana tiris kacida

Ditempatan seuweu siwi

Ngajadi tempat nu endah

Anu matak narik ati

 

Ayeuna gedung jarangkung

Anu jadi kembang geus genti

Ku sarakahna manusa

Matak nyeri kana ati

Tempat nu endah kacida

Ruksak ku jaman kiwari

 

Peuting

(Asmarandana)

 

Ngajaga petengna peuting

nalika simpéna jalan

katingali mani lowong

tapi jol hémeng ka bulan

ceurik katingalina

ka diri jadi kabingung

naon nu diceungceurikan?

 

Jadi teu ngareunah cicing

sabab tuluy kapikiran

jadi samar nu diténjo

teu paruguh nu dirasa

matak teu puguh léngkah

rék kamana nu dituju?

naha kumaha ayeuna?

 

Naha nyengceurikan kami?

atawa keur anu lian?

Ieu diri tuluy nalék

Nepi panggih jawabanna

Anu diceungceurikan

Rasa anu teu kaburu

Da peutingna geus kaliwat

 

Ayeuna wanci janari

karasa hawa geus béda

jalan balik deui simpé

jadi jiga saacanna

tapi rasa teu robah

haté asa teu paruguh

kumaha ngedalkeunana?


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sajak

Nu Penting Aya Sunda-na: Autobiografi Érlangga Putra Jatnika

Sambutan