Nu Penting Aya Sunda-na: Autobiografi Érlangga Putra Jatnika


Kuring Érlangga atawa kulawarga jeung baturan kuring mah sok nyebut Kakang. Kuring gumelar ka alam dunya taun 2003, di Kota Bandung. Keur leutik mah kungsi cicing di Subang tapi teu lila balik deui ka Bandung. Ayeuna kuring cicing jeung kulawarga di Jl. Kawaluyaan, Kota Bandung.

Ti leutik, kuring gede di lingkungan anu sapopoéna masih maké basa Sunda, malah aki kuring baheula ampir unggal isuk-isuk nyetél lagu Darso. Hal ieu anu mangaruhan kuring resep kana basa Sunda. Kuring ogé resep adu bagong jeung wayang. Sanajan kitu, kuring angger wé lciga budak leutik umumna nyaéta resep kartun ogé.

Jaman SD, kuring sabenerna teu loba teuing anu kuring inget béda jeung basa SMP. Basa SMP harita di SMP BPI, kuring  kungsi ngilu pasanggiri dongéng anu diayakeun ku Riksa Budaya Sunda di UPI. Meunang? Jelas lah! Éléh! Tapi lain hartina jadi kanyeri keur kuring tapi jadi pamecut pikeun beuki ngaronjat.

Basa di SMP, kuring ngiliuan ékstrakulikulér karawitan. Ti éskul ieu, kuring téh beuki hayang neuleuman karawitan. Ku kitu, sabada lulus SMP, kuring asup ka SMKI/SMKN 10 nyokot jurusan karawitan.

Di SMKI kuring nyokot penjurusan vokal padalangan. Kawilang bunuh diri saenyana mah da kuring teu bisa nanaon di vokal padalangan téh. Sanajan kitu, kuring angger wé cicing di vokal padalangan. Harita asup ka vokal padalangan téh kusabab boga karesep dina sastra padalangan. Tapi alhamdulillah, kuring kungsi ngawayang sakali di hareup DPRD di Universitas Muhammadyah. Di vokal padalangan téh loba pisan élmu anu bisa ku kuring cokot. Nepi ayeuna éta élmu téh sakapeung sok masih kénéh dipaké.

Di SMKI mah kuring bisa kasebut kurang dina masalah katapisna maénkeun waditra. Kurang tapisna ieu anu mawa kuring ka Pendidikan Bahasa Sunda UPI. Harita sabada lulus, kuring disarankeun asup ka Seni Muski UPI tapi kuring embung da ngarasa geus gagal jadi seniman musik. Ku kitu, kuring milih ka Pendidikan Bahasa Sunda UPI. Milih kitu  téh kusabab baheula kungsi ngilu RBS jeung kungsi aya kahayng jadi guru Sunda. Alesan séjénna mah nyaéta hayang ka jurusan anu aya Sunda-na. “Anu peting mah aya Sunda-na,” ceuk kuring harita.

Alhamdulillah, kuring asup ka Sunda UPI. Harita masih dina kaayan covid jadi masih kénéh diajar daring. Di jurusan Sunda, Kuring ngiluan UKM Turus. UKM ieu anu ceuk kuring gedé jasana ka kuring ayeuna. UKM ieu ngajarkeun kuring nulis Prosa, Puisi, jeung perkara Jurnalistik. Kusabab ieu UKM, kuring jadi resep kana sastra Sunda. Malah nepi ka kuring bisa medal di média Sunda Manglé. Ieu UKM ogé anu ngawanohkeun kuring ka inohong Sunda nyaéta Hadi AKS anu ayeuna jadi guru nulis kuring di Pakarangan.


Basa di Turus, kuring resep ngiluan diskusi buku di luar. Boh buku Indonésia atawa Sunda. Diskusi buku téh biasana aya di Perpustakaan Ajip Rosidi. Malah kungsi jadi anu ngabedah buku ogé. Ti dinya rélasi kuring beuki lega deui. Mulai ti wanoh jeung sastrawan Indonésia, komunitas buku, komunitas nyukil, jeung réa deui. Inget basa harita, kuring munggaran panggih jeung inohong anu dikagumi ku sim kuring téh di salsahiji diskusi di Kedai Janté. Ngaran inohong-na téh nyaéta Hawé Setiawan. Ti diskusi di Kedai Janté, kuring mindeng panggih jeung Kang Hawé nepi ka ayeuna, kuring masih deukeut jeung kang Hawé. Ti Kang Hawé, kuring loba diajar perkara sastra jeung jurnalistik husuna di khasanah Sunda.

Ti caritaan hirup kuring, urang bisa ningali yén hirup téh teu terus kudu luyu jeung kahayang urang ogé urang bisa waé gagal di tengah jalan. Kuring kungsi gagal jadi seniman, ayeuna kuring embung gagal jadi sastrawan. 

 


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sajak

Sambutan