Sajak

Padalangan

Troktok campala anu jadi rasa

Kecrekna nu ngatur nayaga

Jagatna ngagambarkeun dunya

Direka ku pujangga baheula

 

Wayangna Gatot Kaca

Dibaturan Astrajingga

Caritana jaya perbangasa

Anu kitabna Mahabarata

 

Carita wayang

Gambaran hirupna urang

Dicatur ku para dalang

Anu jadi piwulang

Pikeun hirupna urang

 

Bandung, 16 September 2021


Watesan

                                                                             

Sok hayang tepung jeung nu di dunya

Sok hayang nenjo kumaha bentukna

Sok hayang ngarampa kumaha rasana


Tapi kuring mung kumpulan béntang

Nu ukur bisa ngaping dunya nu dieusi sagala

Tapi kuring mung bisa ningal ti anggang 

Tapi kuring boga pancén sorangan



Naék, Turun


Mah, tingali aya nu naék

Tapi lain kana tangkal


Mah, tingali aya nu turun

Tapi lain tina tangkal


Mah, tingali itu nu eucreug 

Jojorowokan di luar gerbang

Hayang nurunkeun nu turun 

Hayang niténan nu naék



Hayang nanya


Duh…

Hayang nanya Ka tukang kai

Kumaha nyieun dinasti?



Lapar


Kamana ieu bantuan

Nu dianti saban wanci

Nu ditunggu saban waktu


Kamana ieu ménak

Nu jadi pamingpin kami

Nu jadi payung ieu nagri

Kamana ieu jurnalis

Anu ngawartakeun kasusah kami

Anu cenah rék mantuan kami


Héh kami lapar

Hayang dahar

Kaburu nambahan nu modar


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Nu Penting Aya Sunda-na: Autobiografi Érlangga Putra Jatnika

Sambutan