Carpon
Carios Sanija
Ku: Érlangga
Sanija budak ngora kénéh. Disebut ngora kénéh sotéh pédah katingali tina awakna nu can pati jangkung jeung sarua wé jiga budak rumaja jaman harita. Resep ulin, nurut ka kolotna, jeung resep diajar éta pasipatan Sanija. Karesepna mun keur ngaji téh nyaéta macaan buku nu ditulis ku guruna. Resep kana buku téh sabab kaharti basana. Da puguh buku basa Sunda najan aksarana Arab. Salian tina maca, Sanija gé diajarkeun nulis maké aksara Arab.
Guru ngajina Sanija mah lain asli urang dinya. Lulusan ti pasantrén, tuluy ngalalana nepi ka ka ieu kampung. Meunang jodo ka urang dieu. Basa nyantrén baheula diajarkeun nulis jeung maca nepi ka tapisna jeung alus tulisanana. Di kampung ieu gé manéhna sok ngajarkeun barudak nulis jeung maca kaasup Sanija.
Salian resep maca, Sanija téh budak anu loba kapanasaran. Wajar ari kituna mah, ngaranna gé budak ngora sok hayang nyaho sagala. Ampir kabéh ku Sanija dianggap guru, kaasup Kuwu, nu ngahuma, nu balantik, jalma anu ngalalana, jeung réa deui. Tapi da najan kitu Sanija mah boga pamikiran “cokot hadéna, piceun goréngna” matakan Sanija tara kabawa sakaba-kaba.
Hiji poé kira-kira wanci pecat sawed, Sanija nu keur leumpang rék mulangkeun buku nu diinjeum ti guruna, ningali aya tilu jalma datang ka arah manéhna. Nu duaan kana kuda nu hiji leumpang. Nu leumpang mah kaciri urang Sunda, nu duaan deui mah dibaju warna biru calanana bodas, kulitna ogé bodas. Nu hiji mawa tas leutik wungkul nu hiji mah bari nyoléndang bedil.
“Berhenti!” ceuk nu mawa tas leutik. Tuluy nunjuk ka Sanija “Héh manéh, budak ngora. Manéh tau, éh maksudnya nyaho rumah guru Sarip?”
Sanija tuluy tungkul da sieun ku nu mawa bedil. Manéhna tuluy ngabetem ditanya kitu téh katambah deui kurang kaharti ku Sanija. Nu kaharti ku manéhna nyaéta lebah nyebutkeun ngaran guruna.
“Coba manéh yang tanya ke anak itu!” ceuk nu mawa tas téa ka anu urang Sunda.
“kieu Jang” ceuk éta jalma. “Ari imahna guru Sarip téh di mana? Sugan wé Ujang nyaho.”
Sanija masih kénéh tungkul teu wani ngajawab komo deui tanggah.
“Ah lama!” ceuk nu mawa bedil bari nodongkeun bedil anu disolendakeunna ka sirah Sanija. Atuh Sanija reuwaseun nepi ka ngajengkang. Buku anu dibawa ku sanija gé leupas tina leungeun Sanija.
Anu mawa bedil dicarékan ku nu mawa tas leutik. Nyarékanna ogé ku basa anu teu kaharti ku Sanija. Nu mawa bedil tuluy unggeuk ka nu mawa tas bari nyoléndangkeun bedilna. Anu mawa tas leutik geuwat turun nulungan Sanija bari meré nginum. Éta jalma ngarérét ka kitab nu dibawa ku Sanija, tuluy dipangmawakeun ku éta jalma.
“Manéh tidak kenapa-ken…éh teu nanaon?” ceuk nu nulungan.
Sanija mung ukur gideug bari sieun kénéh ka éta jalma.
“Ulah sieun ka tuan ieu mah,” ceuk anu urang Sunda. “Tuan ieu mah bageur jeung moal dikukumaha. Cik ari imah guru Sarip di mana?”
Sanija ayeuna geus wani ngangkat sirahna najan rada ngadég-dég. “Tuh di ditu geus deukeut,” bari nunjuk ka hiji imah nu rada jauh tapi katingali.
“Tuan, itu di yang itu rumahnya guru Sarip”, ceuk nu urang Sunda.
Nu mawa tas leutik numpak deui kana kuda tuluy indit tiluanana ka imah guru Sarip. Sanija anu masih kénéh reuwas tuluy diuk dina handapeun tangkal bari ngeukeup buku nu guruna. Cicing di dinya rada lila nepi ka katingali yén panon poé katutup méga hideung. Ningali kaayan jiga rék hujan, Sanija geuwat indit ka imah guruna.
Satepina di imah guruna, Sanija teu geuwat abus da di luar imahna aya jalma nu nyoléndang bedil téa. Sanija balik deui tungkul. Pangawakan nu mawa bedil jangkung badag, kumisna warna hideung semu coklat tuluy kandel. Nu matak pikasieuneun mah aya tapak urut kasabet ku pakarang dina tarang ngagurat kana panonna nepi ka pipi. Tapi ari panonna mah katingali ku Sanija mah jiga nu teu kukumaha.
Teu lila kaluar anu urang Sunda. ari pangawakanana mah leuwih jangkung ti Sanija tapi teu jangkung teuing, make ikét, bajuna kamprét hideung, calana hideung panjangna satuur, maké sendal.
Nu urang Sunda ngajak ngawangkong ka Sanija. Rada jauh ti nu mawa bedil da apaleun pasti Sanija sieuneun. Sanggeus rada jauh, éta duaan anteng ngawangkong. Duanana wawanohan jeung silih tukeur carita.
Sabérésna ngawangkong, kanyahoan yén ngaran nu urang Sunda téh nyaéta Enjun. Asalna gé lain ti dieu tapi urang jauh. Nu ku Sanija inget téh nyaéta deukeut Kabupatén B. Anu mawa tas leutik téh dununganana urang Walanda. Ngilu ka dununganana téh geus lila ti sagedé Sanija nepi sagedé ayeuna.
Kira-kira wanci manceran, nu mawa tas leutik kaluar jeung guru Sarip. Duanana pada-pada salaman. Guru Sarip ngageroan Sanija tuluy Sanija nyapeurkeu. Rengkuhna, tatakramana, jeung papripolah Sanija ka guruna dipuji ku nu mawa tas leutik.
“Nah ini murid, ngaranna Sanija”, ceuk guruna ngawanohkeun Sanija ka nu mawa tas leutik. “Sanija geus bisa baca dan tulis, tapi dina aksara Arab. Anak yang loba kapanasaran, Tuan”.
“Hadé-hadé,” ceuk nu mawa tas leutik bari nepakan taktak Sanija.
“Sanija, ieu téh tuan Abraham, anjeunna ogé sarua resep maca jeung jalma nu pinter,” ceuk guruna.
Sanija tuluy salam ka tuan Abraham bari semu sieun. Ti deukeut mah kaciri pangawakanana jangkung, buukuna coklat, kumisna coklat, awakna seungit teu jiga nu mawa bedil bau buuk kaduruk.
Sanggeus kitu tuan Abraham arindit. Tuluy Sanija jeung guruna abus ka jero imah. Guruna nyarita yén tuan Abraham jeung ponggawana -ngaranna Joan nu mawa bedil téh- ogé Énjun karek pindah jeung bakal cicing di dieu. Imahna mah di tonggoh deukeut imah kuwu. Ayeuna Abraham téh rék menta ijin ka Juragan Atma.
Selang dua poé ti harita, Sanija dititah ku guruna mawa buku ka tuan Abraham. Najan sieun gé angger wé digawéan. Bral indit ka imahna Tuan Abraham
Di hareup imah katingali tuan Abraham keur nyarékan Joan nepi ka dikepretna. Sanija anu ningali tuluy tungkul sasat tuan Abraham ngalieuk. Tuan Abraham nitah ka ponggawana pikeun indit tuluy tuan Abraham nyampeurkeun ka Sanija.
“Hampura yah kamu tadi ningali nu kitu. Yuk urang abus ka imah,” ceuk tuan Abraham bari ngajak asup ka imahna. “kamu resep maca? Nih saya liatin buku saya.”
Sup wé ka jero imah. Barang di jero Sanija ngarénjag sabab loba pisan buku.
Sanija nyokot hiji buku. Tina ningali judul buku waé, Sanija geus kerung. Tuluy muka eusina, beuki wé kerung.
Tuan Abraham ningali Sanija kerung, ngartieun yén Sanija teu ngarti aksara Latén komo bahasana mah. Ningali kitu, tuan Abraham nyampeurkeun Sanija. “Kalau manéh hayang, nanti saya ajarin, bareng sama Enjun,” ceuk tuan Abraham ka Sanija.
Sanija bungah tuluy unggeuk. Ti dinya Sanija salian diajar ti guruna ogé diajar ka tuan Abraham. Nu diajarkeun ku tuan Abraham nyaéta basa, aksara, ngeunaan dunya, ngeunaan Hindia Walanda, jeung réa deui. Diajar jeung tuan Abraham téh aya kana tujuh bulan. Nepi ka hiji mangsa aya kajadian.
Dina hiji peuting, Sanija masih di imahna tuan Abraham. Peuting éta Sanija keur nyobaan macaan buku anu tuan Abraham. Tuan Abraham tuluy kaluar ti dapur bari mawa ci éntéh tuluy gok dina korsi.
“Sanija manéh liat Joan?” tuan Abraham nanya. “Joan can balik waé”.
Ditémbal ku gideugna Sanija. Teu lila datang Enjun. Datangna Enjun matak reuwas ka Sanija jeung tuan Abraham. Awak Enjun geus baloboran getih. Dina beuteung anu lebah katuhu katingali aya bolong jiga tapak pélor bedil. Atuh Sanija jeung tuan Abraham geuwat nyamperkeun Enjun anu teu lila ngajoprak dina lahunan tuan Abraham.
“Tuan…tuan…tuan...” ceuk Enjun nu geus ripuh nahan kanyeri. “Joan némbak abdi karena ningali Joan lagi paduduan sama budakna Juragan Atma. Ayena manéhna kabur, tuan juga kudu kabur!”
“Moal, tuan moal ninggalkeun manéh!” ceuk tuan Abraham bari rambisak.
“Hatur nuhun tuan, keur ilmu yang diajarin tuan ka…” caritaan Enjun teu kebat kaburu pegat nyawa.
Ti kajauhan katingali aya jalma ngaleut. Aya nu mawa pakarang jeung obor. Ditilik ku Sanija mah aya kana dua puluh mah.
Tuan Abraham nu apaleun réa nu ngaleut jiga kitu langsung nitah Sanija kaluar liwat Panto tukang. Teu bisa kukumaha Sanija kabur liwat tukang. Tuan Abraham tuluy ngusap cipanonna bari kaluar ti imahna ka buruan. Dedeganna siga tuan Abraham anu biasana, tegep, wibawaan, teu nembongkeun kasieun.
Sanija ningali ti kajauhan bari nyumput tukangeun tangkal, katutupan ku mongkléngna peuting. Ti dinya Sanija ningali nu datang téh Juragan Atma jeung ponggawa-ponggawana.
“Héh manéh di mana baturan manéh, sina kaluar! Geus ngawiwirang aing siah. Budak aing dibawa kabur,” ceuk Juragan Atma.
“Teuing, saya gak tau. Manéhna udah gak ada di sini.”
“Ngawaduk siah. Ponggawa téangan di jero imahna!” bral para ponggawa mariksa ka jero imah.
“Gan ieu aya jalma geus maot, jigana mah ditembak,” ceuk hiji ponggawa.
“Siah nepi ka wani maéhan pribumi, kurang ajar. Ponggawa cokot sirahna!” ceuk Juragan Atma.
Tuan Abraham dijenggut buukna bari disérét ka hareupeun Juragan Atma. Tuluy tuan Abraham ningali ka kenca katuhuna muguhkeun Sanija geus indit. Barangkeur rurat-rérét, gobang mesat. Teu lila sirahna geus leupas.
Sanija nu ningali kitu, berebet lumpat balik ka imahna. Di sajajalan manéhna ceurik bari lumpat. Satepina di imah, Sanija nyarita ieu kajadian ka kolotna. Kolotna ukur bisa ngupahan budakna.
Isukna sabada kolotna indit ngahuma, aya ponggawa Juragan Atma limaan ngadatangan ka imah Sanija rék nanyaan. Sanija tuluy kaluar ti Imahna jiga nu euweuh kajiadan nanaon. Tuluy hiji ponggawa nanya ka Sanija
“Sia anu jadi murid si Abraham?” ceuk ponggawa bari poporongos
Di dieu Sanija bingung rék ngajawab naon. Antukna mah pok ngabohong “Lain, kuring mah jalama nu dipaksa gawé di ditu. Kunaon kitu?”
“Yeuh ayeuna Abraham geus maot. Manéh kudu sukur geu teu dipaksa gawe deui!” ceuk ponggawa bari ngalengkah indit. “Éh hiji deui mun manéh manggihan murid-muridna tuan Abraham bérényaho. Ceuk juragan sing saha waé anu narima élmu ti éta jalma kudu dipaéhan sabab mawa pangaruh atawa pamikiran anu teu hadé.”
Sanija ukur unggeuk. Tuluy ponggawa arindit.
Dina haténa leutikna, Sanija ngarasa salila ieu naon anu diajakeun ku tuan Abraham can pernah dipiceun. Malah nepi ayeuna manéhna ngarasa naon nu diajarkeunana muka pamikiran jeung ngahudangkeun rasa kapanasaran anu leuwih.
Komentar
Posting Komentar