Sisindiran
WAWANGSALAN
Konéng panjang tur buluan
Bohong lamun teu cinta
:Jagong
Bubuhan maké kacang
Ngajak ngajak nu teu suka
:Rujak
Jentréng senar dua puluh
Kaimpléng kénéh pipina
:Kacapi
Aya kecap tur dibaca
Da geus kitu babakuna
:Buku
Alatna paragi nulis
Daging téh meni alot
:Paltot
Dipakéna keur ngeunteung
Kacatur nu sulaya
:Kaca
Sok dipaké ku jalema
Kuring kajeun ngalalana
:Calana
Dipaénkeunna ku dalang
Maksa maksa nu teu hayang
:Wayang
Dipakéna ngeureut daging
Lamun ngaso ulah lila
:péso
Sok dipaké nunda paré
Ngaleungit duka ka mana
:Leuit
PAPARIKAN
Nutup panci maké turub
lamun ngibing ku badaya
Urang Sunda kudu guyub
Jaga alam jeung budaya
Leuleumpangan gigir jalan
luak-lieuk néang kéjo
ulah nuar tatangkalan
ngarah alam tetep héjo
Ka lembur téh rék papajar
Numpak mobil anu bener
yuk urang getol diajar
sangkan urang jadi pinter
Isuk-isuk neukteuk kuku
bari dahar bubur lemu
sok geura macaan buku
sabab buku gudang élmu
Ningalian batu tulis
di gigireun tangkal jambu
hayu urang geura nulis
bisi kacarék ku ibu
Panton téh kudu dibuka
dibukana bari beunta
lamun dia geus teu suka
aka ogé moal cinta
Lamun rék ngagambar garis
kudu bari babacaan
salira téh meni geulis
hayu ah urang jadian
Buka catur maké rajah
lamun meuntas ku jambatan
lamun anjeung hayang pisah
hayu urang pepegatan
Wanoja anu kagoda
keur duaan jeung jajaka
salira geulis kacida
kaduhung euweuh nu suka
Hayang naék kana genténg
luak-lieuk loba warga
lamun hirup hayang tenang
hayu cicing di sawarga
Komentar
Posting Komentar