TINA BASA KANA GAMBAR Biografi: Wawan (Hawé) Setiawan
Tina hayang diajar basa Sunda nepi hayang mawa basa Sunda ka jagat nu leuwih lega. Kitu keretegna Hawé Setiawan.
Wawan Setiawan atawa anu nénéhna Hawé gumelar di Cisalak, Subang, 21 Nopémber 1968. Ayeuna jadi Dosén di FISS Universitas Pasundan. Riwayat kuliahna S1 di Fakultas Komunikasi UNPAD. Satuluyna S2 jeung S3 di Seni dan Disain ITB. Minat kana hal-hal ngeunaan Sunda hususna jaman kolonial abad 19, geus katingali tina desertasina anu judulna “Sunda Abad 19 tafsir atas Ilustrasi Junghuhn”.
Basa
Indung Téré, Basa Indung, jeung Basa Deungeun
Hawé Setiawan ngawitan nulis dina basa Indonésia. Malah nilai bahasa
Indonésia-na kawilang gedé ti jaman SMP kénéh. Nepi ka munggaran nulis basa
Indonésia antara seméster 4 jeung 5 waktu S1 kénéh. Harita Hawé sok jadi koréspondén,
nepi ka lulus kuliah, inyana didamel Jakarta kana jurnalistik.
Dina taun 1998 atawa 1999, Hawé kungsi nanya ka dirina sorangan anu
kurang tapis dina basa Sunda. Malah lain ukur inyana, malah batur generasina
basa Indungna basa Sunda. Ka basa Indonésia téh nelahna indung téré. Numutkeun
dirina mah aya faktor salah kaprah atawa hal anu kaliru di dunya pendidikan.
Sanajan kitu tina kakaliruan éta Hawé boga kauntunga sabab bisa nulis dina basa
Indonésia, basa Sunda-na kaamankeun sacara tinulisna, antukna gedé haté nulis
dina basa Inggris. Salian ti éta, pangna Hawé nulis dina basa Sunda kusabab aya
pamecut ti Ajip Rosidi.
Dina diajar kana basa Sunda, Hawé kudu bulak-balik ka Perpustakaan
Nasional salila dua Bulan. Di Perpustakaan Nasional Hawé néangan buku-buku
bacaan Sunda jaman kolinial anu eusina aya intruksi nu kudu ngajawab pancénna.
Salian ti cara éta, lamun panggih jeung lulusan Sunda IKIP tulisanna sok
dipangmariksakeun.
Kungsi nulis ka Manglé tapi teu ditolak. Tapi lain hartina Hawé jadi
eureun nulis Sunda malah jadi makin keyeng diajarna nepi ka bisana. Malah
ayeuna tulisan Sunda-na loba dimuat di Manglé. Nepi ka bisa nyunting buku-buku
anu terbit dina basa Sunda.
Sabada diajar basa Sunda, Hawé diajar basa Inggris. Cukang lantaranana
mah sabab hayang nyumebarkeun hal anu pakait jeung sastra, kabudayaan Sunda ka
jagat anu leuwih gedé. Boga kahayang kitu téh sabab aya rajah carita pantun anu
unina “diteundeun di jalan gede di buka ku nu ngaliwat”.
Dina diajar basa Inggris, Hawé menta tulung ka baturanna. Nepi ka hiji
mangsa aya urang Australia anu hayang diajar basa Sunda, nah urang Australia
ngirim email ku basa Sunda dijawab ku Hawé ku basa Inggris. Harita keur diajar
basa Inggris téh umurna geus nincak kisaran 40-an.
Prung
Cupumanik Bras Sundalana
Sabada Ajip Rosidi nyebutkeun yén tulisan basa Sunda Hawé kapaké, Hawé
boga gagasan jeung Rahmat Taufik Hidayat kaasup sababaraha babaturanana nyaéta
ngadegkeun majalah Bulanan basa Sunda nyaéta Cupumanik. Asalna éta gagasan téh
sabab gagasan awalna nyaéta hayang nyadiakeun bahan bacaan pikeun anu resep
maca buku Sunda. Ngaran éta bahan bacaan téh Layang Girimukti. Jalan sataun
atawa dua taun ganti jadi majalah Cupumanik.
Perkara Sundalana kawitna mah tina makalah-makalah pikeun bahan sawala.
Hawé ngajak sababaraha kenalanna ciga Cécép Burdansyah, Hadi AKS, Darpan, jeung
nu lianna. Tah ieu kelompok téh ngayakeun diskusi ngeunaan roman Sunda. Hawé
nyoba nyieun mamakalahan maké basa Indonésia pikeun contoh ogé pamecut kanu
lian. Malah jadi jurnal anu ngan terbit 2 nomer. Ieu jurnal ngaranna “Dangiang”
kaasup jurnal anu serius. Malah sasahijina édisina meunang bantuan. Nah ieu
jurnal téh jadi cukang lantaran Ajip Rosidi ménta nerbitkeun jurnal
“Sundalana”.
Resep
Gambar Lain Pédah ITB
Sanajan kuliah di S2 jeung S3 di jurusan Seni
dan Disain ITB, lain cukang lantaran Hawé resep ngagambar. Sabenerna mah ti SD
resep ngagambar téh, tapi sabada lulus teu kalatih deui. Ogé euweuh motivasi
keur ngagambar. Malah basa asup ka ITB aya kasieun dicarék ku kolotna bisina
teu jadi nanaon.
Sabada sakola nepi ka S3, Hawé ngamekarkeun Hobi nu anyar sabab ningali
aya hal anu ngagésér tina komunikasi. Anu asalna verbal jadi visual. Ieu hal
katingali ku Hawé ti jaman SMS terus kana émoticon. Jadi numutkeun Hawé,
dirina perlu ngawasa basa visual. Bisa ngawasa ieu téh diajarna teu béda jeung
cara diajar basa Sunda, nyaéta diajara sorangan.
Ngawitan ngagambar mah bisa kasebut goréng tapi tuluy wé ngagambar.
Gambarna sok diposting dina média sosialna tuluy sok aya nu nyeungseurikeun.
Tapi lain matak merod kana ngagambar. “Jalma mah berkembang,” ceuk Hawé.
Ayeuna mah malah unggal poé nggambar. Hawé ngarasa ngagambar téh alus
keur fisik. Katambah ayeuna mun ngajar di kampus sok kabantu ku gambar. Malah
resep sok ngagambar keur batur. Anu
antukna jadi loba kawawuhan.
Minat
Dina Sajarah Sunda Abad 19
Minat kana sajarah Sunda dina abad ka 19 geus ditémbongkeun ku Hawé
ngaliwatan desertasina. Cukang lantaran resep téh kusabab numutkeun dirina mah
abad 19 téh abad anu krusial dina sajarah kolonialisme Éropa di Asia
hususna di Hindia Walanda. Salian ti éta, abad 19 kaasup cukup “subur” produksi
tulisan, jeung gambar ngeunaan wilayah jajahan hususna Priangan. Salsahiji
urang Éropa anu miboga tulisan jeung gambar ngeunaan Jawa nyaéta Junghuhn.
Junghuhn mangrupa sosok anu karya-karyana dijadikeun bahan desertasi ku
Hawé. Ari bisa apal Junghuhn téh nyaéta basa di Bandung indit ka Jayagiri terus
ningali aya tugu anu dina tuguna aya
bacaan Junghuhn. Ti dinya Hawé maluruh saha ari Junghuhn téh. Malah dina lelembutanna,
Hawé ngarasa hayang ciga Junghuhn anu nulis ogé ngagambar catetan harian.
Komentar
Posting Komentar