TINA BASA KANA GAMBAR Biografi: Wawan (Hawé) Setiawan
Tina hayang diajar basa Sunda nepi hayang mawa basa Sunda ka jagat nu leuwih lega. Kitu keretegna Hawé Setiawan. Wawan Setiawan atawa anu nénéhna Hawé gumelar di Cisalak, Subang, 21 Nopémber 1968. Ayeuna jadi Dosén di FISS Universitas Pasundan. Riwayat kuliahna S1 di Fakultas Komunikasi UNPAD. Satuluyna S2 jeung S3 di Seni dan Disain ITB. Minat kana hal-hal ngeunaan Sunda hususna jaman kolonial abad 19, geus katingali tina desertasina anu judulna “ Sunda Abad 19 tafsir atas Ilustrasi Junghuhn ”. Basa Indung Téré, Basa Indung, jeung Basa Deungeun Hawé Setiawan ngawitan nulis dina basa Indonésia. Malah nilai bahasa Indonésia-na kawilang gedé ti jaman SMP kénéh. Nepi ka munggaran nulis basa Indonésia antara seméster 4 jeung 5 waktu S1 kénéh. Harita Hawé sok jadi koréspondén, nepi ka lulus kuliah, inyana didamel Jakarta kana jurnalistik. Dina taun 1998 atawa 1999, Hawé kungsi nanya ka dirina sorangan anu kurang tapis dina basa Sunda. Malah lain ukur inyana, malah batur...