Carpon
Carios Sanija Ku: Érlangga Sanija budak ngora kénéh. Disebut ngora kénéh sotéh pédah katingali tina awakna nu can pati jangkung jeung sarua wé jiga budak rumaja jaman harita. Resep ulin, nurut ka kolotna, jeung resep diajar éta pasipatan Sanija. Karesepna mun keur ngaji téh nyaéta macaan buku nu ditulis ku guruna. Resep kana buku téh sabab kaharti basana. Da puguh buku basa Sunda najan aksarana Arab. Salian tina maca, Sanija gé diajarkeun nulis maké aksara Arab. Guru ngajina Sanija mah lain asli urang dinya. Lulusan ti pasantrén, tuluy ngalalana nepi ka ka ieu kampung. Meunang jodo ka urang dieu. Basa nyantrén baheula diajarkeun nulis jeung maca nepi ka tapisna jeung alus tulisanana. Di kampung ieu gé manéhna sok ngajar...