Carmin
Kasampak
Ku: Érlangga
Peuting harita, kuring keur nyeuseuh di kamar cai. Teu lila, adi kuring datang. Pok manéhna ngomong “Téh, naha nyeuseuh téh dibaturan ku pocong.” Nguping adi kuring ngomong kitu, kuring lumpat ka kamar indung. Di kamar indung kuring kasampak indung kuring keur saré tibra dibaturan ku adi kuring anu saré di gigirna.
Komentar
Posting Komentar